Mang Wangsa Subang
menjalin silaturahim
Khutbah Idul Adha
Hakekat Qurban bukti Kaikhlasan dina Kataatan.
Ku: Wangsa Susena
اَللهُ أَكْبَرُ, اَللهُ أَكْبَرُ, اَللهُ أَكْبَرُ, اَللهُ أَكْبَرُ , اَللهُ أَكْبَرُ, اَللهُ أَكْبَرُ, اَللهُ أَكْبَرُ , اَللهُ أَكْبَرُ , اَللهُ أَكْبَرُ , اَللهُ أَكْبَرُ وَِللهِ الْحَمْدُ
أَلْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ وَاْلعَاقِبَةُ لِلْمُتَّقِيْن وَلاَ عُدْوَانَ إِلاَّ عَلىَ الظَّالِمِيْن أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْن وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الصَّادِقُ اْلوَعْدُ اْلأَمِيْن. أَللَّهُمَّ صَلِّ وَ سَلِّمْ عَلىَ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍوَعَلىَ آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْن (أَمَّا بَعْدُ) أَيُّهَاالْحَاضِرُوْن ! أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَىالله فَقَدْ فَازَالْمُتَّقُوْن إِتَّقُوااللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَتَمُوْتُنَّ إِلاَّوَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْن أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْم بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمفَلَمَّا بَلَغَ مَعَهُ السَّعْيَ قَالَ يَا بُنَيَّ إِنِّي أَرَى فِي الْمَنَامِ أَنِّي أَذْبَحُكَ فَانظُرْ مَاذَا تَرَى قَالَ يَا أَبَتِ افْعَلْ مَا تُؤْمَرُ سَتَجِدُنِي إِن شَاء اللَّهُ مِنَ الصَّابِرِينَفَلَمَّا أَسْلَمَا وَتَلَّهُ لِلْجَبِينِوَنَادَيْنَاهُ أَنْ يَا إِبْرَاهِيمُقَدْ صَدَّقْتَ الرُّؤْيَا إِنَّا كَذَالِكَ نَجْزِي الْمُحْسِنِينَإِنَّ هَذَا لَهُوَ الْبَلَاء الْمُبِينُوَفَدَيْنَاهُ بِذِبْحٍ عَظِيمٍوَتَرَكْنَا عَلَيْهِ فِي الْآخِرِينَسَلَامٌ عَلَى إِبْرَاهِيمَكَذَلِكَ نَجْزِي الْمُحْسِنِينَإِنَّهُ مِنْ عِبَادِنَا الْمُؤْمِنِينَ
Alloohu Akbar, Alloohu Akbar, Alloohu Akbar Wa Lillaahil-Hamd.
Ayyuhal Haadirun Rohimakumullah !
Satutasna urang nyandingkeun puji ka Alloh Robbul’ Izzaty, nyanggakeun puja ka Allah ‘Azza Wa Jalla, dilajeng urang ngadu’a mugia salamaina Rohmat sareng kawilujeng salamina ngucur ka sang panutan Kanjeng Nabi Muhammad Shollalloohu ‘ Alaihi wa sallam, ka kulawargina oge ka para shohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna nu mugia bae jaga urang sadayana kengeng syafa’atul-udzma ti Anjeunna. Ammin Alloohumma Aamiin
Alloohu Akbar, Alloohu Akbar, Alloohu Akbar Wa Lillaahil-Hamd.
Ayyuhal Haadirun Rohimakumullah !
Salajengna Khotib seja wasiyat khususna ka diri pribadi khotib, umumna ka sadaya jema’ah kaum muslimin, mangga urang sami-sami ningkatkeun katakwaan urang sadayana Ka Allah Ta’aalaa, Kalayan Taqwa anu saleres-leresna, Taqwa nu pinuh ku harti, Taqwa anu sanggup nyumponan dawuhan Gusti, Taqwa anu sanggup ngajauhan cegahan Alloh Robbul ‘Izzaty, Taqwa anu bisa nimbulkeun tambahna pangarti pikeun nyaliksik diri sangkan hirup jadi ati-ati dina babakti ka Gustu Nu Maha Suci, ogé Taqwa anu bisa mawa kana kasalametan reujeung kabagjaan di dunya rawuh akhérat alam anu langgeng abadi.
Alloohu Akbar, Alloohu Akbar, Alloohu Akbar Wa Lillaahil-Hamd.
Ayyuhal Haadirun Rohimakumullah !
Ping 10 Juli 2022, atanapi 10 Dzulhijjah 1443 H ayeuna, urang sadayana ngarayakeun poe nu kacida muliana, nyaeta poean Idul Adha. Idul Adha teh asal kecap tina Udh-hiyyah, atanapi ingon-ingon nu dipeuncit, dina raraga ngadeukeutkeun diri ka Allah ta’aalaa, ti mimiti medalna sang surya poean riyaya tug dugi ka poe tasyriq. Idul Adha oge dicandak tina kecap Adh-Dhohwatu (أَلضَّحْوَةُ), sabab dilaksanakeun ti isuk atawa waktu duha.
Qurban atawa Udhhiyah eta disyari’atkeun dumasar kana dalil al-Qur`an, as-Sunnah sareng Ijma’ ti para Ulama.
Dasar tina Al-Qur`an nyaeta dawuhan Allah Subhanahu Wata’ala dina surat Al-Kautsar ayat 2:
فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْ
“Prak adegkeun shalat ku anjeun pikeun Pangeran anjeun, jeung prak aranjeun kalurban.” (Al-Kautsar: 2).
Ibnu Katsir sareng ahli tafsir lianna, nyebatkeun yen kecap an-Nahr didieu, nyaeta meuncit sato kurban. Hal ieu dipikuat ku Hadits Rasiulullah SAW nu diriwayatkeun ku Anas radiyallahu ‘anhu,:
كَانَ يُضَحِّي بِكَبْشَيْنِ أَقْرَنَيْنِ أَمْلَحَيْنِ وَكَانَ يُسَمِّي وَيُكَبِّرُ.
“Anjeunna Rosuululloh Shollalloohu ‘Alaihi wasallam meuncir dua domba nu tandukan tur lintuh, bari maca bismillah reujeung takbir” (Muttafaq ‘alaihi)
Kitu dasar-dasar hukum ngeunaan ibadah kurban nu ka unggel dina katerangan, nu geus jadi kasapukan kaum Mulsimin ti zaman Nabi Shollalloohu ‘Alaihi wa sallam tug dugi ka kiwari.
Alloohu Akbar, Alloohu Akbar, Alloohu Akbar Wa Lillaahil-Hamd.
Ayyuhal Haadirun Rohimakumullah
Poe ieu di Tanah haram, bumi Allah nu kudus tur mulia, bari pinuh ku barokah, Bibakkata Mubaarokah, Makkah Al-Mukarromah, jutaan umat Islam ti saban nagri di ieu alam dunya, keur ngagalindengkeun kalimah-kalimah talbiyah, “labbaika Allohumma Labbaik, Labbaika laa syarika laka labbaik”, kalimah nu mangrupakeun simbol pangbagea tina kapasrahan total diri, seja seba raga bakti diri ka Alloh Robbul Izaty. Nyampurnakeun rukun islam,nyatana ibadah haji, nu henteu saban jalma bisa, anging pikeun nu mampuh dina segi waragadna. Maranehna ngabring ngabaris lir barisan mujahid Fii sabiilillaah nu seja tempur di medan laga, ngangsreg nuju ka kota Mina pikeun ngalaksanakeun Jamarot, sarengsena para Hujjaaj ngalaksanakeun puncak ibadah haji, nyatana wukuf di ‘arofah.
Sedengkeun di luar Masjidil Harom, kaasup ditempat urang ayeuna, umat Islam kalayan babarengan ngalaksankeun shalat ‘Idul Adha. Ieu kabeh teh ngagambarkeun, yen geuningan umat Islam teh masih kuat tur weuteuh dina kasatuan reujeung persatuan, ku sabab dibakutet ku tali Akidah Tauhid nu sarua tur nu suci murni, dipiguraan ku prinsip-prinsip syari’ah nu agung tur mulya, bari dipapaes ku ajen moral atanapi akhlak nu mulia, nu nyumber tur ngamuara tina ka-Maha Agungan oge ka Maha Kawasaan Allah Robbul’ Alaamiin.
Alloohu Akbar, Alloohu Akbar, Alloohu Akbar Wa Lillaahil-Hamd.
Ayyuhal Haadirun Rohimakumullah
Ibadah qurban nu mangrupakeun warisan ti Karuhun Para Nabi tegesna Kanjeng Nabi Ibrahim as., Estu ngandung ajen-ajen moral jeung sosial nu kacida agung tur linuhungna, Jalma nu geus ngaku islam, nu mibanda kamampuhan sacara materi, kacida dianjurkeunana pikeun meuncit sato qurban, nu mangrupakeun wujud pangabdian diri, jeung rasa syukur nu kacida luhur ajenna dipayuneun Allah Ta’aalaa.
Kajaba ti eta, Qurban oge mangrupakeun wujud tina tumuwuhna rasa duduluran, rasa kaasih jeung kanyaah ka sasama ummat manusa, malahan kaasup kana “Rohmatan lil ‘Aalamiin”. Hartina, yen ku meuncit qurban, ieu mawa pangaruh hadé dina ngungkulan pasualan kamasarakatan, salian ti ngaronjatkeun sumanget pangurbanan. Sabab nalika meuncit sato kurban, aspek ritualna atawa bentuk pelaksanaanana, eta ngalambangkeun maksud pikeun ngadeukeutkeun diri ka Allah. Kusabab kitu, ibadah ieu disebut Qurban, asal kecap tina qariba – yaqrabu – qurban wa qurbaanan wa qirbaanan, nu ngandung harti deukeut. Kajaba ti eta oge, Allah negeskeun yen lain daging jeung getih sato nu dipeuncit pikeun dikurbankeun nu nepi, tapi kaikhlasan hate jeung kataqwaan nu aya dijero dada, nu tumuwuh tina kasadaran diri pikeun salawasna babakti, ieu nu nepi tur ditampi ku Allah
لَنْ يَنَالَ اللَّهَ لُحُومُهَا وَلَا دِمَآؤُهَا وَلَكِن يَنَالُهُ التَّقْوَى مِنكُمْ (ألحج:37)
“Daging (hewan kurban) getihna itu sekali-kali tidak akan sampai kepada Allah, tetapi yang sampai kepada-Nya adalah ketakwaan kamu …..”
Eta nu kasebut hakikat urang ngalaksanakeun kurban, nu kudu ditancebkeun dina diri urang. Sangkan urang henteu katipu ku rutinitas ibadah nu semu, nu tanpa makna pikeun kahirupan ayeuna oge jaga nu bakal ka sorang. Kajaba ti eta oge dina raraga ieu pisan urang ngudag-ngudag diri urang sangkan manjing ka golongan manusa-manusa nu paripurna nu jadi diri nu saestu nu tigin ka Gustina.
Alloohu Akbar, Alloohu Akbar, Alloohu Akbar Wa Lillaahil-Hamd.
Ayyuhal Haadirun Rohimakumullah
Carita riwayat lungsurna syari’at qurban ka Kanjeng Nabi Ibrahim AS. Maparin gambaran ka urang sadayana, yen kaimanan, kacintaan ka Allah kedah ayana Ujian, kedah ayana pembuktian. Ngarah kaimanan lain ukur aku-akuan, kaimanan lain saukur dina lisan tapi bukti ku bakti, nyata ku seba. Dua insan di uji ku Allah,
Nu Kahiji Kanjeng Nabi Ibrahim AS, diuji ku Allah ngeunaan kaimanan, kacintaan, kataatan kudu ayana kaikhlasan nampa parentah sangkan nyebakeun nu janten putra nu dipikacinta. Kanjeng Nabi Ibrahim as nurut, tumut kana naon nu diparentahkeun ku Allah. Kacipta ku urang sadayana, kumaha guligahna rasa, eundeurna keteg jajantung Kanjeng Nabi Ibrahim as. Nalika nampa eta parentah. Tumuwuhna konflik jiwa, perang sabil, Saha nu paling dipikacinta, naha Ismail atanapi Allah ? kabagjaan, kayakinan jeung perjuangan, estu bener-bener kataatanana diuji kalayan ujian nuju kana puncak kasampurnaan kanabiaan, puncak insanul kamil, insan nu sampurna, dina babakti ka Gusti Alloh robbul Izzaty.
Mun seug ujian ieu gagal, maka geus pasti hiji pertanda gagalna perjuangan-perjuangan kahirupan nu baheula nu dirintis samemehna. tur kaasup kagagalan nu kacida, lir ibarat nu diapungkeun ka langit ping pitu, tuluy digejretkeun ka sapatala. Hinana luar biasa. Tapi didieu Kanjeng Nabi Ibrahim as maparin tuladan ka urang sadayana, ku ngalaksanakeunana ieu ujian, nu pamustunganana Kanjeng Nabi Ibrahim as. Lulus banglus,
إِنَّ هَذَا لَهُوَ الْبَلَاء الْمُبِينُ
“Saestuna ieu bener-bener ujian nu kacida nyatana (pikeun ibrahim jeung ismail)”
Ku lulusna eta ujian maka:
وَفَدَيْنَاهُ بِذِبْحٍ عَظِيمٍ
“Jeung Kami (saur Allah) nebus eta budak (tegesna Ismail) ku hiji domba nu badag)”.
Alloohu Akbar, Alloohu Akbar, Alloohu Akbar Wa Lillaahil-Hamd.
Ayyuhal Haadirun Rohimakumullah
Mun seug teh Nabi Ibrohim as. Tulus ngorbankeun putrana nyatana Kanjeng Nabi Isma’il AS. Tur ku Alloh teu digentos ku domba ghibas tea. Meureun syare’at kasunahan kurban teh lain domba jalu, tapi anak lalaki diantara urang sadayana. Cacak- cacak ku domba hiji oge geus hese beleke, komo lamun ngurbankeun putra pameget nu dipikameumeut, nu sholeh, nu bageur, nu salilana jadi buah soca kembang ati panineungan, pamepes hate nalika lungse cape, pangbeberah manah nalika keur susah jeung bungah, pasti bakal mikir dua kali rek ngorbankeunana oge. Terkecuali ka kolot nu boga anak jalu nu baong, nu bengal, nu salilana nyusahkeun bae, tah eta mah jigana satuju kana syare’at kasunahan ieu. Pamadeganana, tinimbang eta abak nyusahkeun bae nu jadi kolot mending dikurbankeun ngarah teu nyusahkeun deui. Tapi ieu hal pasti bakal jarang ayana.
Lulusna Kanjeng Nabi Ibrahim as. sareng Kanjeng Nabi Ismail as. Ieu teu leupas tina kasadaran kana makna rasa sumerah, sadrah, pasrah, kana diri nu kacida jerona ku neuleuman makna kalimah انالله واناليه راجعون (Saestuna urang sakabeh teh milik Allah, tur nya ka Anjeunna urang mulang).
Alloohu Akbar, Alloohu Akbar, Alloohu Akbar Wa Lillaahil-Hamd.
Ayyuhal Haadirun Rohimakumullah
Kalayan paham bari ngalaksanakeun eusi tina makna kalimah انالله Kanjeng nabi Ibrahim as. Sadar yen Ismail putrana nu kacida dipikacintana, henteu leuwih ukur amanat, ukur titipan ti Allah, lain milik anjeunna. Kitu keneh Kanjeng Nabi Ismail as. Oge sadar, yen dirina teh teu leuwih ukur titipan, ukur amanat Allah, henteu aya hak pikeun moboga, gubragna lahir ka alam dunya kalayan kersana Allah, ngajadina hirup di ieu alam dunya oge kersana Allah. Ku dua sikep kasadaran ieu, nandakeun hiji pangurbanan nu sampurna, estu ieu teh mangrupakeun pangurbanan nu sajati nu jadi simbol mulangkeun hak Allah ka Allah, tur ieu teh makna tina kalimah انالله ونااليه راجعون . Ku hal eta, teu aya hiji hal oge nu leungit ti duanana ku ngalaksankeun peupeuncitan sato kurban. Sabab asalna oge maranehna henteu mibanda nanaon, pon kitu keneh dirina sorangan.
Salajengna, Nu kadua ujian pikeun Kanjeng Nabi Ismail AS. di uji dina naon ? di uji dina kasabaranana, yen dugi kamana anjeuna nurut tumut dina babaktina ka nu janten sepuh, hal ieu kacida badagna pelajaran nu jadi tuladaneun urang, yen urang teh dina raraga babakti ka sepuh urang, kudu toh pati jiwa raga, komo hal eta teh mangrupakeun parentah Nu Maha Kawasa
Jadi, ngalaksanakeun qurban, eta hartina nyerenkeun hiji perkara nu sifatna titipan nu keur dipenta ku nu hakna, tegesna Allah. Nu memang hak Manten-Na. Gambaran kajadian nu dilaksanakeun ku Kanjeng Nabi Ibrahim as. Nu meuncit ptrana, Kanjeng Nabi Islmail as, Oge Kanjeung Nabi Ismail as. Nu ngarelakeun dirina pikeun dipeuncit ku nu jadi bapa, ieu lain hartina Kanjeng Nabi Ibrahim as ngorban putrana nu teu puguh-puguh, oge Kanjeng Nabi Ismalil nu ngorbankeun jiwana nu ambuh-ambuh, tapi duanana mere gambaran ka urang sadayana hiji pelajaran nu agung tegesna aranjeunna mulangkeun hak Allah nu dititpkeun ka aranjeunna. Tegesna, Kanjeng Nabi Ibrahim mulangkeun hak Allah nu diamanatkeun ka anjeunna ku cara ngaleupaskeun, naklukkeun jeung ngalawan pasifatan mentingkeun dirina pribadi, sedengkeun Kanjeng Nabi Ismail ku cara nundukkeun rasa mibanda ka diri.
Alloohu Akbar, Alloohu Akbar, Alloohu Akbar Wa Lillaahil-Hamd.
Ayyuhal Haadirun Rohimakumullah
Rasa miboga anak, mibanda diri pribadi, eta kabeh mangrupakeun sikep mentingkeun diri pribadi, egois,Malah mun seug dititenan, di sabudeureun urang, malah teu nutup kamungkinan diri urang sorangan, sikep mentingkeun diri sorangan, kalayan sadar atawa teu sadar, estu pirajeuneun eunteup pageuh, loba nu jadi bukti yen hiji jalma kaeunteupan panyakit mentingkeun diri pribadim kayaning maksa mirusa hak batur, nganyenyeri baraya, tatangga, cawadan, pakia-kia dina kahirupan, asal diri bungah najan batur susah, asal tujuan kahontal najan batur dirugikeun, jeung sajabana. Kaasup simbol-simbol status sosial, nu kacida gelamorna, ti kawit pakean, mobil, imah, gaya hirup, karir, pangkat, jeung masih rea deui dina kahirupan urang. Nu ieu kabeh teh mangrupakeun I’tibar yen geuningan loba keneh pasifatan-pasifatan sato nu kudu dipareuncitan, nu kudu dikurbankeun, demi ngawujudna diri urang, nu Innaa Lillaahi Wa Innaa Ilaihi rooji’uun.
Kantun ayeuna taros ka diri urang masing-masing, naha sanggup urang meuncitan sifat jeung sikep nu goreng patut nu eunteup pageuh di diri urang ? naha sanggup urang meuncit pasifatan sato nu nempel pageuh di diri urang ? mangga kantun manahan ku urang masing-masing, nu hasilna bisa mawa robah kana sifat jeung sikep, nu salawasna ngamalkeun konsep Innaa Lillaahi Wa Innaa Ilaihi rooji’uun.
Mun seug urang ngarasa bagja boga kandaraan alus, imah mewah, harta luyuh layah, pangkat jabatan luhur, bari urang sok kuciwa, aral subaha, mun seug hiji mangsa naon nu dipibanda kuurang teh ilang, ku bentuk leungit misalna, atawa direbut ku batur jeung sajabana, maka mun seug kieu kaayaanana, maka urang kaasup can lulus dina ujian kahirupan, can asup kana konsep Innaa Lillaahi Wa Innaa Ilaihi rooji’uun . sabab mun seug urang kitu, ieu hartina urang beurat kana kadunyaan, sok padahal dunya barana nu dipibanda ku urang eta amanata Allah nu Maha Kawasa nu hiji mangsa bakal dipenta bari dipenta na sok pirajeuneun tara bebeja. Mun seug urang nyepeng kana kasauran Ibnu Taimiyah, “Simpen harta anjeun dina peti, ulah nyimpen harta anjeun dina ati, sabab mun seug anjeun nyimpen harta dina peti, maka mun seug ilang atawa kaduruk, maka hate moal ngarasa kaleungitan komo bari asa kaduruk”.
Ku kituna Allah dina Alquran ngawawadian ka urang sadayana yenانما اموالكم واولادكم فتنة والله عنده اجر عظيم.(Saetuna harta anjeun, jeung anak aranjeun eta kabeh tee ujian pikeun anjeun, tur wungkul disagedengeun Allah ganjaran nu agung)
Saurang nu mibanda sikep nu sadar kana naon nu dipibanda teh mangrupakeun amanat Allah, maka bakal tumuwuh hiji tangtungan jalma nu salawana motekar, ngamanfaatkeun drina pikeun salawasna ngudag-ngudag ridho Allah Ta’aalaa bari teu petot-petot ngalaksnakeun kataatan. Hadirin Rohimakumulloh !
Anapon hikmah atanapi pelajaran nu kedah janten tuladan dina kahirupan urang tina kisah sejarah ieu, nyaeta yen urang kedah bisa ngabuktikeun pengabdian urang, babakti urang ka Alloh SWT. Sabab urang yakin, yen alam dunya teh tempat ujian, boh ujian anu hade atanapi ujian awon, anu eta ujian teh mangrupakeun salah sawios cara Alloh SWT. dina milih mana manusa salaku hamba-Na anu bener-bener ngabuktikeun baktina, sareng mana manusa anu ukur aku-akuan wungkul tapi dimana ditagih bukti pikeun babakti, salawasna kalakuanna teh nukang nonggong bae ka Mantenna.
Sakumaha ujian nu ditibankeun ka Kanjeng Nabi Ibrohim AS. Saliwatmah jiga lalampahan kaum Jahiliyah nyatana meuncit anak anu dipikacinta, tapi lamun dititenan justru hal ieu teh kudu jadi conto pikeun urang sadaya. Sabab sagala pangorbanan anu ku urang digebrokeun pikeun ngahontal karidhoan Alloh tanwande ku Alloh bakal diganti saluyu reujeung pengorbanan anu ku urang disanggakeun ka Mantenna. ”Al-Ujrotu Biqodril Masyaqoot…” ’Upah teh bakal diberekeun saukuran reujeung jerih payah dina ngusahakeunana..”. usaha sakeupeul upahna bakal sakeupeul, usaha sarawu upahna bakal sarawu deui, ieu ukuran manusa, tapi upami ngukur kana ukuran wawales ti Alloh SWT. dina mere ganjaran ka hamba anu dipikacintana anu kapilih ku Mantenna, bakal ditikel-tikel langkung ti naon di usahakeunana. Sabab naon nu dipibanda ku urang ti mimiti harta banda, putra, garwa kalebet jiwa sareng raga, urang teu ngaboga-ngaboga eta sadaya milik Nu Maha Kawasa. Jadi, dimana Alloh nyuhunkeun pikeun dikurbankeun urang sadaya kedah ikhlash tur rela dina ngorbankeunana.
Alloohu Akbar, Alloohu Akbar, Alloohu Akbar Wa Lillaahil-Hamd.
Ayyuhal Haadirun Rohimakumullah
Jadi ringkesna ieu khutbah, yen hakekat urang ngayakeun kurban teh nyaeta urang nagalakukeun ‘amal pikeun mgadeukeutkeun diri urang ka Gusti Alloh, nguatkeun kayakinan, ngabuktikeun kataatan, yen agama Islam teh bener-bener pedoman hirup urang, malah mandar jiwa urang ngaraos ajrih, isin, sieun, tur langkung mahabbah atanapi mikacinta ka Alloh. Sabab hirup urang, harta banda urang, kapinteran, kapangkatan nu dipibanda ku urang sareng sajabina, ieu sadayana sifatna samentara. Sing emut hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho dimangsa. Kumargi kitu sakali deui mangga urang sadayana sing soson-soson kana ibadah bari ngalakukeun ‘amal sholeh geusan nghontal karidhoan Alloh, mangpang meungpeung urang masih dipasihan kasempetan hirup tur kakiatan sareng kasehatan dugi ka ayeuna. Mugia urang sadayana diapaprin istiqomah dina ibadah, ditancebkeun kaihklasan dina ngalaksanakeun parentah, dipaparinan para putra-putri nu soleh oge solehah, dipasihan rejeki nu halal bari barokah nu nyandak ka urang getol kana ibadah, ditetepkeun dina panungtungan hirup urang aya dina husnul khotimah. Aamiin ya Allah yaa Robbal ‘Aalamiin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ الْعَظِيْم وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِالْحَكِيْم وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ إِنَّهُ هُو َالسَّمِيْعُ الْعَلِيْم أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأسْتَغْفِرَاللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ
Khutbah kadua
اَللهُ أَكْبَرُ, اَللهُ أَكْبَرُ, اَللهُ أَكْبَرُ, اَللهُ أَكْبَرُ , اَللهُ أَكْبَرُ, اَللهُ أَكْبَرُ, اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ وَِللهِ الْحَمْدُ
إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهْ وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَلَّى اللهُ عَلَى نَبِيِّنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلَّمَ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا.(أَمَّا بَعْدُ) أَيُّهَاالْحَاضِرُوْن ! أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَىالله فَقَدْ فَازَالْمُتَّقُوْن إن الله وملا ئكته يصلون على النبي ياأيها الذ ين امنواصلوا عليه وسلموا تسليما. , اللهم صل وسلم علي هذاالنبي الكريم سيد نا محمد وعلي أله وصحبه وسلم. كما صليت علي إبراهيم وعلى أل إبراهيم في العالمين إنك حميد مجيد.
Mangga sakedap urang tungkulkeun mastaka urang, tamprakkeun kadua panangan urang kiwa sinareng tengen, kalayan ati nu wening, manah nu setra, urang pantengkeun ka Dzat Nu Maha Suci, ka Dzat Nu Maha Kawasa kana saniskara nu aya, urang tancebkeun karumaosan diri urang sadayana kapayuneun manten-Na, yen diri urang teh dhoif, diri urang teh lemah taya tangan pangawasa, estu diri urang teh teu walakaya, kakuatan, kasehatan, kajagjagan, kapinteran, kasuksesan, kabagjaan, kawaluyaan, karahayuan estu kersaning Manten-Na, tanpa kersaning Mantenna, urang sadayana hamo aya dikieuna, harta nu dipibanda, pangkat jabatan nu kacangking, kulawarga anak jeung bojo nu dipikacinta, sadayana estu amanat ti Manten-Na nu jaga bakal disuhunkeun pertanggungan jawabanana. Masing emut, gubrag urang ka alam dunya teh ngaligincing bari ceurik roroesan, tah jaga oge urang mulang moal jauh beda pasti sarua ngaligincing, ukur boeh jeung asiwung nu bakal jadi batur di alam kubur nu heureut, poek mongkleng, estu suwung dulur walurat sobat, anging amal nu bakal jadi batur satia, bari jeung amal eta oge masih tanda Tanya, naha amal hade nu matak mawa bagja, naha amal goreng nu matak mawa cilaka, ku kituna Mangga urang sami-sami munajat, ajengkeun sagala karep sareng pamaksadan urang sadayana, ajengkeun harepan sinareng tujuan urang sadayana ka mAnten-Na, galindengkeun ku ati nu wening, ku manah jembar, dipalar mantenna nedunan sapaneja urang sadayana oge lungsurna rohmat sinareng ridho Manten-Na.
Allohumma Sholli ‘Alaa sayyidina Muhammadin wa ‘ala ‘Aali Sayyidinaa Muhammadin, Kamaa Shollaita ‘Alaa Sayyidinaa Ibraahiim wa ‘alaa sayyidinaa Ibrahim Fil-‘Aalamiina Innaka Hamiidun-Majiid. Birohmatika ya Arhamar-Rohimiin, amin ya Alloh ya robbal ‘Aalamiin
Ya Allah Pangéran Abdi sadaya !
Ya Allah Dzat Lautan Hampura, Nu Maha Kawasa tur Maha Wijaksana. Rumaos abdi sadaya tos laku kaniaya ka diri abdi sadaya ogé ka sasama. Rumaos abdi sadaya tebih tina lampah ibadah, tapi caket raket kana lampah salah. Rumaos abdi sadaya tebih tina lampah ta’at, tapi caket raket kana lampah maksiyat. Rumaos abdi sadaya kalebet kana hamba Gusti nu tos mungkir kana jangji rawuh aturan Gusti. Rumaos abdi sadaya teu pantes janten ahli sawarga tina kawelasan Anjeun Gusti. Tapi abdi sadaya hamo kiat saupamina janten ahli naraka. Rumaos abdi sadaya teu acan kalebet kana golongan jalmi-jalmi anu dipikacinta ogé mikacinta Anjeun Gusti, tapi abdi sadaya hoyong kalebet ka golongan jalmi-jalmi nu salawasna mikacinta ogé dipikacinta ku Anjeun Gusti Ya Allah ! Wungkul ka Anjeun Gusti abdi sadaya ibadah, ogé wungkul ka Anjeun Gusti abdi sadaya nyuhunkeun pitulung Rumaos abdi sadaya makhluk nu laip, anu teu luput tina kaluputan sinareng kalepatan nu ngakibatkeun abdi sadaya milampah dosa.
Kukituna, mugi Anjeun Gusti ngahaputen kana sadaya dosa-dosa abdi sadaya, Ogé dosa Ibu rama abdi sadaya, pasihkeun ka aranjeunna kadeudeuh, kawelas tur kaasih Anjeun Gusti, sapertos aranjeunna mikaasih, mikahéman abdi sadaya ti awit abdi alit tug dugi ka abdi sawawa dewasa ayeuna. Mugi Anjeun Gusti ngahapunten dosa guru-guru abdi sadaya, dosa jalmi-jalmi nu teu acan katohonan kawajibanana ku abdi sadaya, ogé dosa kaum muslimin sadayana, teu kakantun ogé dosa para pamingpin abdi sadaya, mugi Anjeun Gusti maparin tuduh jalan ka aranjeunna geusan mingpin abdi sadaya kana jalan nu dipikaridho ku Anjeun Gusti. Sabab abdi sadaya yakin upami Anjeun Gusti teu ngahapunten kana dosa abdi sadaya, ogé teu ngarahmatan abdi sadaya. Maka, abdi sadaya kalebet jalmi-jalmi anu rugi tur kenging bebendon Anjeun Gusti.
Ya Allah Nu Maha Héman !
Ayeuna abdi sadaya ngumpul ngariung, dina raraga ngaraketkeun tali silaturahmi, maheutkeun jangji pasini geusan nyangreud tali mimitran malar pageuh kebek ku rasa kadeudeuh. Kukituna, Mugi anjeun Gusti ngajantenkeun riungan abdi sadaya ieu téh, kana riungan anu salamina aya dina rahmat sinareng ridho Anjeun Gusti. Mugi anjeun Gusti ngajantenkeun paturayna abdi sadaya téh, kana paturay nu salamina aya dina rahmat sareng ridho Anjeun Gusti. Mugi Anjeun Gusti ngajantenkeun abdi sadaya, putra-putri abdi sadaya, katut rundayan abdi sadaya, ogé riungan abdi sadaya, kalebet kana golongan ahli-ahli elmu sinareng ahli kahadéan, kasholéhan, ogé kata’atan ka Anjeun Gusti salamina. Sareng mugi Anjeun Gusti teu ngajantenkeun abdi sadaya kana golongan ahli-ahli kaawonan sareng kajahatan nu matak anjeun bendu. Mugi Anjeun Gusti salamina nangtayungan ka abdi sadaya tina nadah sagala gogoda kahirupan, mugia anjeun Gusti mukakeun manah abdi sadaya geusan muka lawang kasatiaan kana kaislaman kalayan saestuna. Ogé mugi Anjeun Gusti nebihkeun ka abdi sadaya tina sagala gogoda sareng cocoba kahirupan nu piaboteun nu kinten teu pikaampeuheun ka abdi sadaya dina nampina.
Ya Allah Dzat Nu Maha Suci !
Mugi Anjeun Gusti salamina maparin pitulung ogé netepkeun hidayah, supados abdi sadaya tiasa ngamalkeun sagala elmu pangaweruh paparin Anjeun Gusti, dina raraga ngabuktoskeun kaimanan abdi sadaya ku kata’atan bari nyumponan kana amanah Anjeun Gusti, geusan ngahontal kabagjaan hirup di dunya rawuh akherat kalayan disarengan ku ridho sareng panghampura anjeun Gusti. Robbanaa Aatinaa Fid-Dunyaa Hasanah wa Fil-Aakhiroti hasanah wa Qinaa ‘Adzaaban-Naar. Ya Allah Ya Robbal ‘Aalamin Wa Ya Mujiibas-Saa’iliin. Wal-hamdulillahirobbil ‘Aalamin
اللهم أَعِزَّ الْإِسْلاَمَ وَالْمُسْلِمِيْنَ, وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَالْمُشْرِكِيْنَ وَدَمِّرِ اللهم أَعْدَاءَكَ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ, اللهم اجعل هذا الْبَلَدَ آمِنًا مُطْمَئِنًّا وَسَائِرَ بِلاَدِ الْمُسْلِمِيْنَ. اللهم إِنَّا نَسْأَلُكَ فَوَاتِحَ الْخَيْرِ وَخَوَاتِمَهُ وَجَوَامِعَهُ، وَأَوَّلَهُ وَآخِرَهُ، وَظَاهِرَهُ وَبَاطِنَهُ، وَنَسْأَلُكَ الدَّرَجَاتِ الْعُلاَ مِنَ الْجَنَّةِ يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ. اللهم أَلِّفْ بَيْنَ قُلُوْبِ الْمُسْلِمِيْنَ وَوَحِّدْ صُفُوْفَهُمْ وَاجْمَعْ كَلِمَتَهُمْ عَلَى الْحَقِّ يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ.اللهم َانْصُرْنَا وَلاَ تَنْصُرْ عَلَيْنَا وَامْكُرْ لَنَا وَلاَ تَمْكُرْ عَلَيْنَا, وَاهْدِنَا وَيَسِّرِ الْهُدَى لَنَا، وَانْصُرْنَا عَلَى مَنْ بَغَى عَلَيْنَا. اللهم اجْعَلْنَا لَكَ ذَاكِرِيْنَ لَكَ شَاكِرِيْنَ لَكَ مُخْبِتِيْنَ لَكَ أَوَّاهِيْنَ مُنِيْبِيْنَ. اللهم تَقَبَّلْ تَوْبَتَنَا وَاغْسِلْ حَوْبَتَنَا وَثَبِّتْ حُجَّتَنَا وَسَدِّدْ اَلْسِنَتَنَا وَاسْلُلْ سَخِيْمَةَ قُلُوْبِنَا. اللهم اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ الْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْأَمْوَاتِ. اللهم لاَ تَدَعْ لَنَا ذَنْبًا إِلاَّ غَفَرْتَهُ، وَلاَ هَمًّا إِلاَّ فَرَّجْتَهُ، وَلاَ دَيْنًا إِلاَّ قَضَيْتَهُ، وَلاَ مَرِيْضًا إِلاَّ شَفَيْتَهُ، وَلاَ مُبْتَلاً إِلاَّ عَافَيْتَهُ. اللهم وَفِّقْ إِمَامَنَا لِمَا تُحِبُّ وَتَرْضَى، اللهم وَفِّقْهُ اللهم رَبَّنَا ظَلَمْنَا أَنْفُسَنَا وَإِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ الْخَاسِرِيْنَ. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.إِنَّ الله يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ فَاذْكُرُوْا الله يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلَى نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ الله أَكْبَرُ وَاللهّ يَعْلَمُ مَا تَصْنَعُوْنَ.
Click here to claim your Sponsored Listing.
Category
Website
Address
Subang
41214